Wednesday 19 July 2023

RAJAH SUNDA LARAS SALENDRO (VIDEO + TEKS)

Video Rajah Sunda Laras Salendro:


*disclaimer: Teks Rajah dibawah ini saya tulis sesuai dengan yang saya dengar (sapangdanguna pribados) jadi tidak menjamin 100% benar atau sesuai, jika ada kesalahan dan kekurangan dalam penulisan mohon maaf dan silahkan anda koreksi di kolom komentar. Mohon maaf sebesar-besarnya atas segala kekurangannya ๐Ÿ™

 

Teks Lengkap Rajah Sunda Laras Salendro:

amit ampun kanu agung ka gusti nu welas asih
pangraksa mah sadaya alam
nu kagungan usik malik sim abdi saparakanca
ngidungkeun paneda ati
siloka pupus nu ngelun tawis pangbakti ka gusti
neda di mah kiatkeun tekad
ingkoning ngaraksa seni
dipaparin caang padang nu dipirido ku gusti
rawuh ka para karuhun anu tos sami
ngawaris kabudayan tuturunan
sampeureun anu paneuri nema ti jaman ka jaman
putra putri mugi di jaring

sampurasun ka rumuhun ka hiyang prabu siliwangi
nu murba mah di pajajaran
pangauban seuweu siwi nu gelar di tatar sunda
muga nyebarkeun wawangi
run turun bayu rahayu bayu tresna bayu asih
bayu mawat kawaluyaan
bayu mawat kaelingan sakur nu kaliliwatan
sakur nu baris ka asungsi

urang buka tutungkusan nu kahalang ku pipiding
dina gebang sewu lontar
dina tulis titis tulis maca uga na waruga
atra setra sukma bati jungjunan
panutup ujar pihatur ditedakeun ka hyang widi
ngaraksa mah duh gusti kasadayana
sim abdi sakulawargi miwah tamu sadayana
pinahkeung rohmat ti gusti
amin ya robal alamin mugi gusti ngaijabah

Astaghfirullah hal adzim 5x

bul kukus ka awun2 menyan putih
nitih hurip dupa sekar pangawasa
hiliwir ketepis wiring nyampuang ka awang2
wangi sari na ngadalingding
sup asup ka wujud nyusup kana kulit
kana daging nyakcrak genah kana awak
ngageuing jasmani tanding ngahudang sinuk matanang
oge lilih kaeling diri

pun ampun ka rama ibu laksa keti tata titi tuang wayah neda tobat
kiwari bebersih diri sumeja ruruat badan mugi sami asih haksami
duh ampun nu jadi dulur santen tali ari2 seja nyambat neda tobat
sausik mugi teu runtik saucap
muga tong hilap urang sami lasami hurip
kum sakum ka sepuh umum nu lastari tanpa bukti
bade neda dihampura
babakti kumeli sari sinekan paesan tunggal
ulah nitis na tumaritis

sasadu teu bendu kalbu
ka sugrining para wali nu salapan kakoncara
ahli gending seni dangding tukang ngarang cipta wayang
mugi ulah nyaesikuding
nunuhun ka dat nu agung maha suci
sipat gaib asma purwa anu nyata
nu maparin rohman rohim apalna sa alam dunya
wedi asih duh gusti nu welas adil

pung ngapung ka luhur manggung ka dewa di otipati
ka handap ka purwakala
ka gigir ka putri geulis sang tanana
madureut na neda amit lawanti wanti
tug nutug ka ratu lembur sang pertiwi
ais bumi sang pertala sangka lemah
ulah mandawa mandawi manawa ka anu rea manawi ka isim abdi
tur cadu ka surup hantu ba'id
karanjingan demit istan keterapan setan
dedemit sing gancang indit ririwa sing gancang mulang
malik kana kawit ngancik

lus banglus nya umur mulus pait daging seukeut kuping
pahang tulang uteuk ca'ang
tarik kulit bersih getih liat urat cekas awas diri jati na tebih pati
tup nutup ku kidung ayuh astaghfirullah hal adzim
nya bubar ku rajah singlar
leungit rupi2 sulit anu tingal waras badan hurip gusti na waras abdi

bul kukus sukma nu ngukus sukma nu dikukusan
bul kukus nyi dewi asih cat mancat ka sina' putih
ka pasar alah ka buana panca tengah
mangka aya beubeunangan mangka aya bubuatan
masing pepek masing penuh sabab nimuh pepek penuh
sabab pangiring per nabi sampurna ku kersaning Allah
la ilaha ilallah Muhammad rosulullah sir eling jatining hurip

sim abdi seja permisi sareng sim abdi babakti
nyanggakeun pangabaktina ka gusti nu maha surci
mugi katampi nya sari uga katampa nya rasa
kalayan ieu abdi seja haol hadoroh ka para arwah karuhun
ka para karomah2 sadaya ka ahli wajib anu di mumule
kum sakum kasadayana anu rawuh ieu
ka karuhun na anu parantos ngantun
nu mulih ka jati nu mulang ka asalna
ti ibuna ti ramana ka akina ka ninina ka uyutna ka baona
ka udeg2na jangawareng kakait siwur eyang istri eyang pameget
anu tebih anu caket anu ahli wajib di mumule

mugia sadayana maranten na aya dina rohmat Allah SWT
kenging tempat anu mulia mungguh kaagungan gusti
ditampi iman islam na
dihapunten tina sanes kanten dosa perdosaanana
digolongkeun ka jalmi muslimin kalih muslimat na

kalih atuh ieu abdi seja amit sun tadasun kanu sumare didieu
ka ibu pertiwi ka ibu bumi ka rama langit
ka ibu cahaya rama pangawasa
kanu kakurung ieu ku wawangunan katincak ku tatapakan
kanu katingker ku papageran kanu kahumpit ku bilik
bilih aya basa tungul anu kaparud catang anu karumpak
nu karempug tugu karempak rarangan kasebut kapamalian
bilih mipit henteu amit bilih ngala teu bebeja
tinu nitip teu pamit nunda ge teu bebeja
bilih aya anu nyaeta ti kasebut nyaeta na saur...
bilih ayeuna nu kasebat asma na
kalawan bilih aya nu kacarekan kagandengan kegeuleuhan
kakeumeuhan kaluluhuran kaluluhur lalangkahan
paralun anu kasuhun hampura anu kateda
muga ulah jadi mataeni kana diri manawa kana badan
kum sakum anu sami rawuh

nyanggakeun deui atuh hadoroh na kanu calik di wetan
ka malikat anu opat ka junjunan poe tujuh
dawuh lima pongpok opat bulan duabelas taun dalapan
ka para walina ka para nabina ka para rosulna
ka para sahabat ka para malaikat
kum sakum ka sepuh umum nu lestari tanpa bukti

disim abdi seja titip diri sangsang badan
agung na ka gusti anu maha suci
lembar na kanu nyangking hirup ka nyimas pohaci
kanu nyangking hurip ...???
kadulur nu teu nyareat kapapat kalima pancer
ka nini paraji batin ka aki paraji batin
ka nini marana ka aki marana
ieu abdi nitipkeun diri nyangsangkeun bandan
ieu seuweu putu putra adam

khususna anu gaduh ieu nyaeta pimpinanana
anu janten nyaeta ngurus ngatur na
....pihakna lembaga pendidikan katut para nonoman sadayana
boh putrana boh putrina mugi2 marantena
aya dina ginulur karahayuan
ginanjar kawilujengan kalayan muga jadi putra jadi putri anu guna
kanggo kapentingan nusa bangsa katut agamana
kalayan tiasa ngabaktikeun dirina ka gusti
ka nagri sareng ka wargi
kantenan atuh marantena mipit hasil nu mucekil
ngala buah anu utama
pikeun neraskeun ieu hanca garapan
mugia atuh ka nini paraji batin na ka aki paraji batin na
muga ditangtayungan nyaeta ....???

kalayan nyanggakeun deui ieu hadoroh na atuh
khusus kanu ngawengkon ieu wewengkon bandung
utami na ieu kanu nganyangking ieu bandung kulon
ka embah jambrong
sareng nyaeta tina antara pihak na ieu ka prabu sultan uhur
oge teu hilap deui atuh ka para karomah2 na
ieu khusus na jawa barat Indonesia pada umum na
ka para pejuang kemerdekaan
anu tos sami mulih ka jati mulang ka asal
neteskeun darah na ka ibu pertiwi
mugia maranten na aya dina rohmat Allah
kalayan kenging widi gusti
nyarengan ka para abdi2 sadaya ku karamat na ku safaat na
ku mujijat na ku dangiang na ku kamatihan nana
agung ti gusti jembar ti para karomah
muga jadi panggerung panyarungsung pangdeudeuy pananggeuy
pangaping pangjaring pangjaga sareng pangrica
siang kalawan wengi lahir kalawan batin dunya kalawan aherat

rup ti manggung koleang ti awang2 diteang ku sukma raga
diteang ku sukma jati suk bayu manjing kurungan
indung leungeun na anu ngadareukeutkeun
jariji na anu ngahijikeun
jajangkungna panguguh berkah ku rarasaan
tulis biwir cakra letah mun poho kudu ngingetang
saha nu ngingetannana ibu suci rama anu kawasa
aki manik pangabaran awak badan calakan
raray cahaya emas burud
ku cahayaning Allah la ilaha ilallah Muhammad rosulullah

teu boga papadang ati boga soteh damar jati
nu harurung dina karurunganana nu ngagalenclang dina badan na
anu nalembres dina hatena anu nyariring dina dikirna
caang na salawas lawas salawas saimul ingsun
bear caang bear padang caang padang narawangan

nyanggakeun deui ieu hadoroh na
kanu nyangking sadunya ka embah kaliwon
tali raga kanu nyangking sapulo jawa ka mama dalem tatandingan
kanu nyangking sa jawa barat ka mama jugrug ningali
kanu nyangking hirup ka nyimas pohaci kanu nyangking hurip ...?
ka dulur nu teu nyareat ka papat kalima pancer
ka sang datullah sifatullah rohmatullah ...?

kalihna deui atuh ieu bisi aya karuhun
anu umum na henteu nyaeta kasebut
bising aya karamat anu teu kasebat
bilih aya nu teu kakemangna teu kakemingna
bilih aya basana nyaeta ieu poho kana dongdonana kolot
hilap kana sasaka asa leungit kana tatali paranti
paralun anu kasuhun

disim abdi ieu sanes migusti kana jirim
muja kana jasad ngagungkeun kana wujud
a nanging mupusti kana tatali paranti
seni budaya warisan ti nenek moyang
muga ieu sing janten sababiah jalan pikeun mukakeun lalangse
kahirupan kahuripan seuweu putu putra Adam

kalihna deui atuh bising aya siku siwulung wulung galagat kencana
maung ngamuk gajah meta anu rek nyenekeun nu ngajarumakeun
anu ngagoyahkeun ieu kana katengtraman nagara
boh bangsa na boh agamana muga leungit tanpa
lebih ilang tanpa karana

kalih bilih ieu atuh manawa manawi
manawa ka anu rea manawi ka disim abdi
urang tutup ku rajah pamunah
munah kayu munah batu munah cai munah bumi
punah ku rajah pamunah

***

Ujang D Youtube Channel

 


0 comments:

Post a Comment

Silahkan berikan komentar tentang postingan / tulisan yang ada di blog ini..
namun hindarilah segala macam "perdebatan" yang bersifat sensitif serta tidak bermanfaat, serta segala macam "bahasa yang tidak baik / menimbulkan permusuhan".

Marilah sama2 kita budayakan "Berkomentar dengan santun"
Terima Kasih.